Minggu, 20 September 2015

Geredug
"Woi.. geraeun?!" Si Titi, Si Mumun jeung si Uweng babaturan kami ngageroan.
Kami keur dangdan. Maksudna nyisiran jeung sawedak pipa nomor tilu. Hehehe.
Poe ieu kami rek leumpang suku ka Geredug.
"Kee.. Tungguaaaan..." ceuk kami. Ti buri lawang katingali
di jalan geus rame jelema untuy2an arek ka Geredug.
Geredug eta nyaeta hiji lembur nu jauhna 2,5 kilo ti kampung kami di Legon. Lamun ti Sodong mah 5 kiloeun.
Kami leumpang iring iringan teu boga kacape. Bari cacahan alewoh sapanjang jalan teu karasa kami sampe ka Geredug.
Ngaliwatan Kubang Lampung, Kubang Huni , jeung Curug Tilu , Geredug bisa dilampahan paling paling satengah jam ti Legon.
Di geredug aya lapangan bal anu lega. Diliung ku tatangkalan karet, lapangan Geredug karasa iyuh. Jelema tos karumpul arek nongton bal. Aya nu make baju beureum, koneng , hejo jeung sajabana.
Cawene jeung parejakah nyieun kalompok2 sorangan deuket tukang cingcaw jeung es kepit.
Mantas lebaran poe kadua ieu paling rame jalema nu resep kana bal. Bari dula deuleu sugan aya nu herang mencrang.
Geredug baheula pusat karamean paranti kami olah raga maraton jeung laes. Puguh bal mah jaba eta parantina.
Duka kumaha eta Geredug kiwari. Masih rame keneh atawa tos sepi.

Tidak ada komentar: